Text
Kamus lengkap sunda-indonesia indonesia-sunda sunda-sunda
Sakawitna, ieu kamus teh disusun dumasar kana kaperyogian enggoning ngajarkeun basa sunda di sakola. Margi kabuktosan, para siswa teh kirang nyangking kabeungbaran kecap basa sunda anu jembar.
Malih dina sawatawis kecap mah langung mikawanoh basa Indonesiana tibatan kecap basa Sundana.
Namung, dina sawatawisna paguneman sareng paraguru basa sunda sanesna,di antawisna nalika lumangsungna Kongres Basa Sunda taun 1993 di Gedong Merdeka, Bandung : tetela hal anu sarupi kitu teh karandapan oge ku aranjeuna. Upami anu ngawulang di wewengkon Botabek mah, dina paguneman sadidinten oge seseueurna mah tos nganggo basa Indonesia (Jakarta) bae.
Dumasar ka dinya, anu kawitna curat-coret samporet teh, langkung dijembaran deui. Sanaos kitu, entrina mah angger dijojoan anu sakintenna seueur dianggo dina paguneman sadidinten. Sakedahna memang, pilihan entri teh dumasar kana panalungtikan anu gemet.
Tidak tersedia versi lain