Sakawitna, ieu kamus teh disusun dumasar kana kaperyogian enggoning ngajarkeun basa sunda di sakola. Margi kabuktosan, para siswa teh kirang nyangking kabeungbaran kecap basa sunda anu jembar. Malih dina sawatawis kecap mah langung mikawanoh basa Indonesiana tibatan kecap basa Sundana. Namung, dina sawatawisna paguneman sareng paraguru basa sunda sanesna,di antawisna nalika lumangsungna Kongr…