Text
Pangrumat basa sunda pikeun murid sd/mi kelas iv
Pangrumat Basa Sunda hartina alat atawa pakakas pikeun miara tur ngamumule basa Sunda, kaasup sastra Sunda. Ieu buku diajengkeun pikeun mantuan murid diajar tur miara basa Sunda. Pidangan dina ieu buku dumasar kana Capaian Pembelajaran (CP) Kurikulum Merdeka Mata Pelajaran Basa Sunda SD/MI.
Materi lulugu (esensial) tiap kelas beda-beda, jumlahna opat materi, anu nyoko kana kamampuh mateahkeun teks fiksi (rekaan) jeung teks nonfiksi (kanyataan). Ieu dua warna teks teh jadi medium komunikasi basa lisan jeung tulis, boh reseptif (ngaregepkeun, maca jeung miarsa) boh produktif (nyarita jeung midangkeun, nulis).
Dumasar opat elemen kaparigelan basa, pidangan dina ieu buku dibagi jadi lima kagiatan diajar. Ari wincikan kagiatan diajarna kieu.
Tidak tersedia versi lain